NASKAH BIANTARA BASA SUNDA

Blogger Widgets

Selasa, 31 Maret 2015

NASKAH BIANTARA BASA SUNDA



NASKAH BIANTARA BASA SUNDA
“Paturay Tineung”
                             
Bismillahirrahmanirrahim, Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ كَانَ بِعِبَادِهِ خَبِيْرًا بَصِيْرًا، تَبَارَكَ الَّذِيْ جَعَلَ فِي  السَّمَاءِ بُرُوْجًا وَجَعَلَ فِيْهَا سِرَاجًا وَقَمَرًا مُنِيْرًا. أَشْهَدُ اَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ  اللهُ وأََشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وُرَسُولُهُ الَّذِيْ بَعَثَهُ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا  وَنَذِيْرًا، وَدَاعِيَا إِلَى الْحَقِّ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. أَمَّا بَعْدُ؛

Bapa pupuhu sakola, Bapa Drs. H Tono Sumartono S, M.Si anu ku simkuring dipihormat. Ibu miwah bapa guru sareng réngréngan ti staf tata usaha anu ku sim kuring dipihormat. Réréncangan kelas 9 saparjuangan, sareng adi-adi kelas, kelas 7 sareng kelas 8 anu ku sim kuring dipikadeudeuh.
          Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Alloh SWT. Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka urang sadayana. Malih ku kersa mantenna pisan urang tiasa riung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga paturay tineung.
Teu hilap, mangga urang sami-sami ngadu’a mugia shalawat sinareng salam dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Rasul pinunjul Nabi pinilih Muhammad SAW ka para kulawargina, ka para sohabatna, para tabiin, para tabiit tabiin, ogé ka para umatna anu tumut turut kana naon rupi sunnahna kalebet urang sadaya dugi ka akhir jaman. Amin ya robbal ‘alamin.
Hadirin anu sami-sami rawuh, dina ieu waktos sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Negeri 1 Margahayu. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipasanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan garentes haté sadaya réréncangan. Jalaran kitu, sateuacan ngadugikeun ieu biantara teh, sim kuring bade nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih waé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareung hareupan sadayana.
Mungguh ari waktos teh asa nyéak pisan sajorélat. Asa kamari kénéh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay tineung déui. Acara paturay tineung téh, jadi panineungan kanggo abdi sareng réréncangan. Abdi moal tiasa lulus, upami teu di didik ku ibu miwah bapa guru. Sim kuring saparakanca ngahaturkeun nuhun ka Ibu kalih bapa guru. Dina hirup kumbuh di alam pawenangan, tos jadi kodrat irodat mantenna, aya mangsana patepang sareng aya mangsana paturay. Sanaos kitu, ieu acara paturay tineung téh jadi pangjurung laku kanggo abdi sareng réréncangan sadayana anu badé undur ti sakola ieu. Tangtos baé maksudna mah supados abdi sadaya henteu “lali ka purwadaksina”, atanapi “kacang poho ka lanjaran”.
Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah. Aya kabingah sareng kasedih gumulung jadi hiji. Bingahna, sim kuring saparakanca tos tiasa lulus diajar di ieu sakola. Ari sedihna, sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola.
Alhamdulillah, urang teh bakal lulus ti ieu sakola. Seratna mah lulusna urang téh kumargi aya tarékah anu leres-leres kana waktosna mayunan ujian. Cacak upami urang lalawora dina diajar mah, pamohalan bakal tiasa ngahontal hasil anu nyugemakeun.
 Ku parantos lulusna ti ieu sakola, sim kuring minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX, seja ngahaturkeun nuhun ka Ibu sareng Bapa Guru, kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, dina salebet tilu taun campleng, Ibu sareng Bapa parantos ngatik sareng namplokkeun élmu pangaweruh dugi katerang sim kuring saparakanca janten ngalegaan. Anu parantos katampi teh sanés élmu pangaweruh wungkul, aya oge hal-hal sanés anu teu kinten peryogina nyaeta kanyaah, bingbingan, panuyun, panggeuning, sareng tuladan. Naon-naon anu ditataan nembé téh bakal janten bekel kanggo sim kuring saparakanca enggoning mayunan kahirupan sareng ngudag cita-cita.
Salami tilu taun di ajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineung. Disakola urang nu geunah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riuh boh di kelas boh dina kagiatan-kagiatan bari sakapeung sempal guyonan gogonjakan sareng rerencangan. Atuh kasaean Bapa kaih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos tos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi janten mangpaat kanggo abdi sadaya.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa malesan eta kasaean, mung tiasa ngandelkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos di paparinkeun, kenging ganjaran mangtikel-tikel ti Allah swt. Amiin.
Dina salebet tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, tangtos pisan sering midamel kalepatan. Rupina aya ti antawis Ibu sareng Bapa anu dugi karaos jengkel, keuheul, sareng bendu, margi ningali atanapi ngadangu muridna anu teu taat kana aturan, bangor, lalawora dina di ajar, sareng apilain kana nasehat katut papatah. Malih deui teu mustahil kana aya ibu sareung bapa anu anggapan muridna culanggung sareung wangkelang, dugi ka akhirna kapaksa nimbankeun hukuman anu mangrupa bagean tina disiplin sakola. Ku seueurna kalepatan anu nembe ditataan sim kuring saparakanca seja nyuhunkeun dihapunten. Teu kasawang bakal kumaha ageung sareung abotna dosa sim kuring, pami Ibu sareung Bapa teu kersa ngahapunten sadaya kalepatan sim kuring.
Sawangsulna deui, pami tea mah aya sakedik kalepatan Ibu sareng Bapa, kalayan ikhlas ku sim kuring sadaya bade di lubarkeun. Sarengna deui sim kuring yakin, pami tea mah dugi ka aya kalepatan Ibu sareung Bapa, eta teh sanes dihaja.
Dina ieu kasempaatan, teu hilap deui sim kuring nyuhunkeun pidu’ana ti Ibu sareung ti Bapa, pamugi lengkah sim kuring saparakanca kanggo ka payunna sing tiasa lungsur-lungsar sareng aya dina Ridho Gusti Alloh nu Maha Suci. Insya Allah, salulusna ti ieu sakola sim kuring hoyong neraskeun ka sakola anu langkung luhur. Kawajiban milarian elmu mah moal di momorekeun.
Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah. Aya kabingah sareng kasedih gumulung jadi hiji. Bingahna, sim kuring saparakanca tos tiasa lulus diajar di ieu sakola. Ari sedihna, sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola.
          Bapa, ibu mugi-mugi sadikantuna ku simkuring sareng sadaya rerencangan di SMP Negeri 1 Margahayu ieu sing langkung majeng, sing aya tenjoeun deungeun, tingalieun batur boh di widang akademik sareng non akademik. Cindekna sadaya garapan tiasa digarep kalayan prakatis, pragmatis sareng realistis.
Minangka pamungkas ti sim kuring, hayu urang soson-soson dina di ajar da elmu mah moal beurat dibabawa sareng elmu teh magrupakeun pondasi kanggo mayunan zaman globalisasi supados urang janten jalmi anu unggul nu teu kawon dina persaingan globalisasi ieu.

Sateu acan pamungkas, sim kuring gaduh sisindiran.

Lampuyung nu cocongoan,
Bawaeun ka raja galuh.
Kahayang nya sosonoan,
Isuk mah urang pajauh.

Kapinis ulah disumpit,
Tangkal muncang karangrangan.
Nu nulis bade pamit,
Du’akeun ti kaanggangan.

Rupina mung sakitu ti sim kuring hapunten pisan bilih aya kalepatan.
Wabillahitaufik Walhidayah. Wassalamualaikum Wr.Wb