NASKAH
BIANTARA BASA SUNDA
“Paturay Tineung”
Bismillahirrahmanirrahim,
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ كَانَ بِعِبَادِهِ خَبِيْرًا
بَصِيْرًا، تَبَارَكَ الَّذِيْ جَعَلَ فِي السَّمَاءِ بُرُوْجًا وَجَعَلَ
فِيْهَا سِرَاجًا وَقَمَرًا مُنِيْرًا. أَشْهَدُ اَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وأََشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وُرَسُولُهُ الَّذِيْ
بَعَثَهُ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا، وَدَاعِيَا إِلَى
الْحَقِّ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَعَلَى
آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. أَمَّا بَعْدُ؛
Bapa pupuhu sakola, Bapa Drs. H Tono Sumartono
S, M.Si anu ku simkuring dipihormat. Ibu miwah bapa guru sareng réngréngan ti
staf tata usaha anu ku sim kuring dipihormat. Réréncangan kelas 9 saparjuangan,
sareng adi-adi kelas, kelas 7 sareng kelas 8 anu ku sim kuring dipikadeudeuh.
Langkung tipayun
sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Alloh SWT.
Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka
urang sadayana. Malih ku kersa mantenna pisan urang tiasa riung mungpulung
paamprok jonghok patepang raray dina raraga paturay tineung.
Teu hilap, mangga urang sami-sami
ngadu’a mugia shalawat sinareng salam dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Rasul pinunjul
Nabi pinilih Muhammad SAW ka para kulawargina, ka para sohabatna, para tabiin,
para tabiit tabiin, ogé ka para umatna anu tumut turut kana naon rupi sunnahna
kalebet urang sadaya dugi ka akhir jaman. Amin ya robbal ‘alamin.
Hadirin anu sami-sami rawuh, dina ieu
waktos sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna kelas IX anu badé
ngantunkeun SMP Negeri 1 Margahayu. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan
ieu pancén téh, bilih anu baris dipasanggem kirang merenah sareng teu
ngawakilan garentes haté sadaya réréncangan. Jalaran kitu, sateuacan
ngadugikeun ieu biantara teh, sim kuring bade nyuhunkeun heula dihapunten,
utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih waé pisanggem sim kuring téh
kirang saluyu sareung hareupan sadayana.
Mungguh ari waktos teh asa nyéak pisan
sajorélat. Asa kamari kénéh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu
sakola, ayeuna tos kedah paturay tineung déui. Acara paturay tineung téh, jadi
panineungan kanggo abdi sareng réréncangan. Abdi moal tiasa lulus, upami teu di
didik ku ibu miwah bapa guru. Sim kuring saparakanca ngahaturkeun nuhun ka Ibu
kalih bapa guru. Dina hirup kumbuh di alam pawenangan, tos jadi kodrat irodat
mantenna, aya mangsana patepang sareng aya mangsana paturay. Sanaos kitu, ieu
acara paturay tineung téh jadi pangjurung laku kanggo abdi sareng réréncangan
sadayana anu badé undur ti sakola ieu. Tangtos baé maksudna mah supados abdi
sadaya henteu “lali ka purwadaksina”, atanapi “kacang poho ka lanjaran”.
Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah. Aya
kabingah sareng kasedih gumulung jadi hiji. Bingahna, sim kuring saparakanca
tos tiasa lulus diajar di ieu sakola. Ari sedihna, sim kuring saparakanca kedah
ngantunkeun ieu sakola.
Alhamdulillah, urang teh bakal lulus
ti ieu sakola. Seratna mah lulusna urang téh kumargi aya tarékah anu
leres-leres kana waktosna mayunan ujian. Cacak upami urang lalawora dina diajar
mah, pamohalan bakal tiasa ngahontal hasil anu nyugemakeun.
Ku parantos lulusna ti ieu sakola, sim kuring
minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX, seja ngahaturkeun nuhun ka Ibu
sareng Bapa Guru, kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, dina salebet tilu taun
campleng, Ibu sareng Bapa parantos ngatik sareng namplokkeun élmu pangaweruh
dugi katerang sim kuring saparakanca janten ngalegaan. Anu parantos katampi teh
sanés élmu pangaweruh wungkul, aya oge hal-hal sanés anu teu kinten peryogina
nyaeta kanyaah, bingbingan, panuyun, panggeuning, sareng tuladan. Naon-naon anu
ditataan nembé téh bakal janten bekel kanggo sim kuring saparakanca enggoning
mayunan kahirupan sareng ngudag cita-cita.
Salami tilu taun di ajar di ieu
sakola, seueur pisan anu bakal janten panineung. Disakola urang nu geunah
pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riuh boh di
kelas boh dina kagiatan-kagiatan bari sakapeung sempal guyonan gogonjakan
sareng rerencangan. Atuh kasaean Bapa kaih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna
anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos tos bakal nyerep dina angen,
janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi janten mangpaat kanggo abdi
sadaya.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa
kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa malesan eta kasaean, mung tiasa
ngandelkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos di
paparinkeun, kenging ganjaran mangtikel-tikel ti Allah swt. Amiin.
Dina salebet tilu taun sim kuring
saparakanca sakola di dieu, tangtos pisan sering midamel kalepatan. Rupina aya
ti antawis Ibu sareng Bapa anu dugi karaos jengkel, keuheul, sareng bendu,
margi ningali atanapi ngadangu muridna anu teu taat kana aturan, bangor,
lalawora dina di ajar, sareng apilain kana nasehat katut papatah. Malih deui
teu mustahil kana aya ibu sareung bapa anu anggapan muridna culanggung sareung
wangkelang, dugi ka akhirna kapaksa nimbankeun hukuman anu mangrupa bagean tina
disiplin sakola. Ku seueurna kalepatan anu nembe ditataan sim kuring
saparakanca seja nyuhunkeun dihapunten. Teu kasawang bakal kumaha ageung
sareung abotna dosa sim kuring, pami Ibu sareung Bapa teu kersa ngahapunten
sadaya kalepatan sim kuring.
Sawangsulna deui, pami tea mah aya
sakedik kalepatan Ibu sareng Bapa, kalayan ikhlas ku sim kuring sadaya bade di
lubarkeun. Sarengna deui sim kuring yakin, pami tea mah dugi ka aya kalepatan
Ibu sareung Bapa, eta teh sanes dihaja.
Dina ieu kasempaatan, teu
hilap deui sim kuring nyuhunkeun pidu’ana ti Ibu sareung ti Bapa, pamugi
lengkah sim kuring saparakanca kanggo ka payunna sing tiasa lungsur-lungsar
sareng aya dina Ridho Gusti Alloh nu Maha Suci. Insya Allah, salulusna ti ieu
sakola sim kuring hoyong neraskeun ka sakola anu langkung luhur. Kawajiban
milarian elmu mah moal di momorekeun.
Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah. Aya
kabingah sareng kasedih gumulung jadi hiji. Bingahna, sim kuring saparakanca
tos tiasa lulus diajar di ieu sakola. Ari sedihna, sim kuring saparakanca kedah
ngantunkeun ieu sakola.
Bapa, ibu mugi-mugi
sadikantuna ku simkuring sareng sadaya rerencangan di SMP Negeri 1 Margahayu
ieu sing langkung majeng, sing aya tenjoeun deungeun, tingalieun batur boh di
widang akademik sareng non akademik. Cindekna sadaya garapan tiasa digarep
kalayan prakatis, pragmatis sareng realistis.
Minangka pamungkas ti sim kuring, hayu
urang soson-soson dina di ajar da elmu mah moal beurat dibabawa sareng elmu teh
magrupakeun pondasi kanggo mayunan zaman globalisasi supados urang janten jalmi
anu unggul nu teu kawon dina persaingan globalisasi ieu.
Sateu acan pamungkas, sim kuring gaduh sisindiran.
Lampuyung nu cocongoan,
Bawaeun ka raja galuh.
Kahayang nya sosonoan,
Isuk mah urang pajauh.
Kapinis ulah disumpit,
Tangkal muncang karangrangan.
Nu nulis bade pamit,
Du’akeun ti kaanggangan.
Rupina mung sakitu ti sim kuring hapunten pisan bilih aya
kalepatan.
Wabillahitaufik Walhidayah. Wassalamualaikum Wr.Wb